Pesan Rahbar

Home » » Tawassul Ka Allah Milik 14 Manusia Suci

Tawassul Ka Allah Milik 14 Manusia Suci

Written By Unknown on Wednesday 5 April 2017 | 00:49:00


Tawassul ka Allah ku 14 Manusa Suci


1- بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. اللَّهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ وَ أَتَوَجَّهُ إِلَيْكَ بِنَبِيِّكَ نَبِيِّ الرَّحْمَةِ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ آلِهِ، يَا أَبَا الْقَاسِمِ, يَا رَسُولَ اللهِ, يَا إِمَامَ الرَّحْمَةِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا, يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

1. Kalayan nyebat jenengan Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih. Hè Allah Nu Maha Agung, sayaktosna abdi nyuhunkeun ka Anjeun sareng ngadeuheuskeun diri ka Anjeun ku perantawisan Nabi Anjeun Nabi welas asih Muhammad saw. Hè Abul Qâsim, hè Rasûlullâh, hè Imam nu ngandak rahmat Gustina, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun pitulung sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun Anjeun di payuneun kaperyogian abdi sadaya. Hè anu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


2- يَا أَبَا الْحَسَنِ, يَا أَمِيْرَ الْمُؤْمِنِيْنَ, يَا عَلِيَّ بْنَ أَبِي طَالِبٍ، يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

2. Hè Abul Hasan, hè Amîrul Mu`minîn, hè 'Ali bin Abî Thâlib, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun pitulung sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


3- يَا فَاطِمَةُ الزَّهْرَاءُ, يَا بِنْتَ مُحَمَّدٍ, يَا قُرَّةَ عَيْنِ الرَّسُولِ، يَا سَيِّدَتَنَا وَ مَوْلاَتَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكِ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكِ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهَةً عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعِي لَنَا عِنْدَ اللهِ

3. Hè Fâthimah Al-Zahrâ`, hè putri Muhammad, hè anu ngahèrangkeun soca Rasûl, hè juragan abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


4- يا أَبَا مُحَمَّدٍ, يَا حَسَنَ بْنَ عَلِيٍّ أَيُّهَا الْمُجْتَبَى, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ، يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنا وَ مَوْلاَنا, إِنَّا تَوَجَّهْنا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا, يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

4. Hè Abu Muhammad, hè Hasan bin 'Ali, hè manusa pinunjul, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


5- يَا أَبَا عَبْدِ اللهِ, يَا حُسَيْنَ بْنَ عَلِيٍّ أَيُّهَا الشَّهِيْدُ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا, يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

5. Hè Abu ‘Abdillâh, hè Husain bin ‘Ali, hè manusa anu gugur di jalan Allah, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


6- يَا أَبَا الْحَسَنِ, يَا عَلِيَّ بْنَ الْحُسَيْنِ، يَا زَيْنَ الْعَابِدِيْنَ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

6. Hè Abul Hasan, hè ‘Ali bin Husain, hè hiasan para ahli ibadah, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


7- يَا أَبَا جَعْفَرٍ, يَا مُحَمَّدَ بْنَ عَلِيٍّ أَيُّهَا الْباقِرُ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَتَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

7. Hè Abû Ja'far, hè Muhammad bin 'Ali, hè manusa nu meulah èlmu, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


8- يَا أَبَا عَبْدِ اللهِ, يا جَعْفَرَ بْنَ مُحَمَّدٍ أَيُّهَا الصَّادِقُ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

8. Hè Abû ‘Abdillâh, hè Ja‘far bin Muhammad, hè manusa anu jujur, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


9- يَا أَبَا الْحَسَنِ, يَا مُوسَى بْنَ جَعْفَرٍ أَيُّهَا الْكَاظِمُ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

9. Hè Abul Hasan, hè Mûsâ bin Ja‘far, hè manusa nu sabar, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


10- يَا أَبَا الْحَسَنِ, يَا عَلِيَّ بْنَ مُوْسَى أَيُّهَا الرِّضَا, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

10. Hè Abul Hasan, hè ‘Ali bin Mûsâ, hè anu rido, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


11- يَا أَبَا جَعْفَرٍ, يَا مُحَمَّدَ بْنَ عَلِيٍّ أَيُّهَا التَّقِيُّ الْجَوَادُ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

11. Hè Abû Ja‘far, hè Muhammad bin ‘Ali, hè manusa anu takwa tur balabah, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


12- يَا أَبَا الْحَسَنِ, يَا عَلِيَّ بْنَ مُحَمَّدٍ أَيُّهَا الْهَادِي النَّقِيُّ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

12. Hè Abul Hasan, hè ‘Ali bin Muhammad, hè anu masihan pituduh tur suci, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


13- يَا أَبَا مُحَمَّدٍ, يَا حَسَنَ بْنَ عَلِيٍّ أَيُّهَا الزَّكِيُّ الْعَسْكَرِيُّ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ، وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنَا، يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

13. Hè Abû Muhammad, hè Hasan bin ‘Ali, hè manusa anu suci anu seueur tantarana, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.


14- يَا وَصِيَّ الْحَسَنِ وَ الْخَلَفَ الْحُجَّةَ, أَيُّهَا الْقَائِمُ الْمُنْتَظَرُ الْمَهْدِىُّ, يَا بْنَ رَسُولِ اللهِ, يَا حُجَّةَ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ, يَا سَيِّدَنَا وَ مَوْلاَنَا, إِنَّا تَوَجَّهْنَا وَ اسْتَشْفَعْنَا وَ تَوَسَّلْنَا بِكَ إِلَى اللهِ, وَ قَدَّمْنَاكَ بَيْنَ يَدَيْ حَاجَاتِنا, يَا وَجِيْهًا عِنْدَ اللهِ, اِشْفَعْ لَنَا عِنْدَ اللهِ

14. Hè Washi Al-Hasan sareng Imam pamungkas tur buktos ayana Allah, hè manusa anu nanjeurkeun kaadilan nu diantos-antos anu dituduhkeun kana rusiah-rusiah Gustina, hè putra Rasûlullâh, hè buktos Allah ka mahluk-Na, hè juragan sareng pamingpin abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya ngadeuheuskeun diri, nyuhunkeun tulung, sareng nganggo perantawisan ku ngalangkungan anjeun ka Allah, sareng abdi sadaya ngasongkeun anjeun di payuneun kaperyogian-kaperyogian abdi sadaya. Hè nu kadeuheus di sisi Allah, tulungan abdi sadaya di sisi Allah.



Prak ngadu'a, mènta ka Gusti Nu Maha Suci Allah 'azza wa jalla naon anu dipikahayang ku urang---insyâ` Allâh---bakal dikabukeun. Jeung sarèngsèna tina ngadu'a anu dipikahayang ku urang, mangka baca du'a di handap ieu :

يَا سَادَتِي وَ مَوَالِيَّ, إِنِّي تَوَجَّهْتُ بِكُمْ أَئِمَّتِي وَ عُدَّتِي لِيَوْمِ فَقْرِي وَ حَاجَتِي إِلَى اللهِ، وَ تَوَسَّلْتُ بِكُمْ إِلَى اللهِ، وَ اسْتَشْفَعْتُ بِكُمْ إِلَى اللهِ، فَاشْفَعُوا لِي عِنْدَ اللهِ، وَ اسْتَنْقِذُونِي مِنْ ذُنُوبِي عِنْدَ اللهِ، فَإِنَّكُمْ وَسِيْلَتِي إِلَى اللهِ, وَ بِحُبِّكُمْ وَ بِقُرْبِكُمْ أَرْجُوْ نَجَاةً مِنَ اللهِ، فَكُونُوا عِنْدَ اللهِ رَجَائِي يَا سَادَتِي يَا أَوْلِيَاءَ اللهِ، صَلَّى اللهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ, وَ لَعَنَ اللهُ أَعْدَاءَ اللهِ ظَالِمِيْهِمْ مِنَ اْلأَوَّلِيْنَ وَ اْلآخِرِيْنَ, آمِيْنَ رَبَّ الْعَالَمِيْنَ

Hè juragan-juragan abdi sareng para pamingpin abdi, sayaktosna abdi ngadeuheus ku ngalangkungan aranjeun hè para imam abdi sareng tempat panyarandèan abdi kanggo dinten kaperyogian abdi sareng hajat abdi ka Allah, abdi nganggo perantawisan ku ngalangkungan aranjeun ka Allah, abdi nyuhunkeun pitulung ku ngalangkungan aranjeun ka Allah, mangka tulungan abdi di sisi Allah, salametkeun abdi tina hukuman dosa-dosa abdi di sisi Allah, kumargi aranjeun perantawisan abdi ka Allah, sareng ku ngalangkungan kacintaan ka aranjeun sareng ku caketna aranjeun abdi ngaharepkeun kasalametan ti Allah, mugi aranjeun janten harepan abdi di sisi Allah hè para juragan hè para kakasih Allah. Mudah-mudahan Allah ngucurkeun salawat ka aranjeun sadayana sareng Allah ngala'nat musuh-musuh aranjeun, nya èta jalma-jalma anu ngadolim ka aranjeun ti awal dugi ka ahir. Ãmîn yâ rabbal ‘âlamîn.

(Abu-Zahra/Berbagai-Sumber-Lain/ABNS)
Share this post :

Post a Comment

mohon gunakan email

Terkait Berita: